Capcay
Capcay nyaéta salah sahiji kadaharan has Tionghoa atawa Cina.[1] Capcay téh hartina campuran sayuran, nu eusina mangrupa-rupa jenis sayuran.[2] Capcay téh aya 2 jenis, aya capcay kuah jeung capcay goréng.[1] Biasana eusina téh maké bahan palengkep kayaing baso, baso ikan, potongan udang, cumi-cumi, jsb.[1]
Kiwari capcay henteu ukur didahar ku warga katurunan Cina (Tionghoa), tapi geus dipikawanoh ku lolobana urang Indonésia.[1]
Jenis capcay
[édit | édit sumber]Capcay goréng
[édit | édit sumber]Cara masak capcay goréng sabenarnya teu jauh béda jeung capcay kuah.[1] Bahan nu dipaké saperti sayur-sayuran kayaning wortel, buncis, sosin, kembang kol, pécay, daging hayam, baso, udang, jsb.[1] Tuluy ditambahan bungbu-bungbu séjén saperti bawang bodas, bawang bureum, bawang bombay, bawang daun, tomat, cabé beureum, jahé, pedes, gula bodas, kaldu bubuk jeung tipung maizena.[1]
Bungbu-bungbu éta tuluy digoréng, dicaian saeutik. Geus kitu karék abuskeun sayur-sayuran jeung bahan palengkep séjénna. Pasak nepi ka asak.[1]
Capcay kuah
[édit | édit sumber]Bahan-bahan pikeun nyieun capcay kuah sarua jeung capcay goréng.[1] Bedana, cai nu dipaké leuwih loba ti batan capcay goréng.[1] Cara ngasakanna ogé sarua, bédana pas keur ngasakan, sayuran jeung bahan palengkep diabuskeun saeutik-saeutik, tuluy antepkeun nepi kuahna kentel.[1]
Sajarah
[Ă©dit | Ă©dit sumber]Cap Cay sabenarnya disebut âCah Chaiâ atau Za Cai  æè dina lafal Mandarin, sadengkeun sapuluh sayuran dina basa Mandarin disebut âSe Chaiâ atau Shi Cai  ćè .[2] Tapi ku sabab katurunan Tiong Hoa di IndonĂ©sia lolobana ti Propinsi Hokkian atau suku Minnan jeung Kabupaten Tio (Tio Ciu), atawa sahenteuna kadua dialĂ©k Ă©ta leuwih ilahar di masyarakat utamana Hokkian.[2] Dina dialĂ©k Hokkian âæâ nu hartina campuran dibaca Cap kitu ogĂ© jeung âćâ nu hartina sapuluh di baca makĂ© lafaz nu sarua jadi disangkana miboga harti nu sarua padahal mah bĂ©da.[2]